SAJAK BAHASA SUNDA
1. Wangenan Sajak
Sajak nyaéta sastra wangun ugeran (puisi) anu teu kauger ku
patokan-patokan. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan (baris, jajaran) dina
sapadana, jumlah engang dina unggal pada (bait) atawa sora tungtung dina unggal
padalisan (jajaran) upama rék nulis sajak kudu nangtukeun jejer milih kecap nu
luyu, jeung maké basa nu singget sarta jelas. Benteun sareng puisi, sajak mah
teu kaikeut ku aturan-aturan sapertos guru lagu sareng guru wilangan. Dina kasusastraan
Sunda, sajak téh kaassup kana katégori sastra moderen.
Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, sajak téh asalna tina
basa malayu. Ari hartina, guguritan sarupaning sa'ir, tapi sapadana henteu
matok opat jajar. Sajak téh mikabutuh kakuatan basa anu rohaka keur nepikeun
ma'na anu dimaksud ku pangarang. Ku kituna, sajak téh kudu ngandung tilu unsur
nyaéta, kecap, harti kecap, jeung sora atawa wirahma.
2.
Kamekaran
Sajak Sunda
Dumasar kana asal-usulna, sajak téh
mangrupa karya sampeuran anu asalna tina sastra deungeun, nyaéta
pangaruh tina sastra Eropa. Eta karya téh asup tur jadi banda sastra Sunda di
mimiti kira-kira taun 1946, nalika para pangarang Sunda, hususna pangarang
ngora, mimiti kasengsrem tur mikaresep ngaréka basa dina wangun sajak. Pangarang
Sunda anu naratas gelarna sajak nyaéta Kis WA.
Sabada ditaratas ku Kis WS, sajak Sunda terus mekar nepika kiwari. Lian tina réa
sajak anu dimuat dina majalah jeung koran basa Sunda, sapertos Manglé,
Cupumanik, Galura, jeung Koran Sunda, ogé réa karya anu geus dibukukeun mangrupa
antologi. Sababaraha judul buku kumpulan sajak Sunda jeung pangarangna, di antarana
: Lalaki di Tegal Pati karya sayudi (1963), Jante Arkidam karya Ajip Rosidi (1967), Wasiat Konglomerat karya Taufik Faturohman, Lalaki Langit karya Juniarso Ridwan, Jagat Langit karya Godi Suwarna, Jamparing Hariring karya Dedy Windyagiri, Aya Naon di Cinaon karya Wahyu Wibisana, Kidang Kawisaya karya Retty Isnendes, Katiga karangan Yayat Hendayana (1957), Gondewa karangan Etty RS (1987), Jiwalupat karangan Godi Suwarna (2007), jeung sajabana.
3.
Unsur-Unsur Sajak
a)
Jejer (Tema), nyaéta
gagasan pokok anu rék ditepikaeun ku panyajak ka nu maca.
b) Nada atawa Suasana, nyaéta sikep panyajak ka nu maca.
c)
Rasa, nyaéta
hal-hal anu ngajiwaan dina sajak.
d) Amanat, nyaéta pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak.
4.
Conto Sajak
Hirup Ngan Ukur Cenah
Sajak Iwan M.
Ridwan
Cenah hirup teh jalan nu
pagaliwota
Sedeng cinta ngan saukur
teteguhan
Urang bebas leumpang
mapay nu can kasorang
Nyorangan atawa
babarengan teu jadi sual
Di mana aya kacinta di
dinya urang bakal ngalalana
Cenah hirup téh kabél nu pakuranteng
Sedeng cinta ngan
sakadar layar monitor
Sing nyalsé. Sing daria. Tumaninah.
Sabab jaga teuing kumaha
boa
Di mana aya tunggara di
dinya urang eureun ngalalana.
Cenah hirup ayeuna teh
di dunya
Sedeng cinta teuing di
mana ngancikna
Bandung, 11 Juli 2010
Dimuat dina Galura edisi Minggu ka I Agustus
2010
Tidak ada komentar:
Posting Komentar